Jumat, 27 Mei 2011

JURU DU’UM

الحمدالله الذي احـل نكـح وحـرم سـفاح. اشـــهـد ان لااله الاالله واشـهـد ان محمــدا عبده ورسوله. اللـهم صلي عـل ســيدنا محمــد و عـل اله واصحـبه اجـمـعين. اما بعـد
"قل الله تعل في القرأن العظيم اعواذ باالله من الشـيطان الرجـيم لبـسـم الله الرحمن الرحيم"  ومن ايته ان خـلق لكم من انفسـكم ازواجـا لتسكنوا اليـها, وجعـل بينكم مودة ورحمه, ان في ذلك لآيت لقوم يتفكرون.                                                  
قل الحـديث :                                                                                 
النـكاح ســنتي فمن رغـب عن ســنتي فليــس مني

            Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji kalih syukur, ka dzat nu maha ghofur, kalayan urang tiasa tasyakur, kana rahmatna nu teu ka ukur, ti kapungkur dugi ka liang kubur. cunduk waktu nu rahayu, nitih wanci nu mustari, ninggang mangsa nu waluya, urang tiasa patepang raray pa amprok jongok dina raraga “walimatull Urusy”. Malati linggar na ati, kembang tanjung nu di untun, pameungkeut cangreud ka deudeuh, pakait patali asih nyucruk galur sunah rosul, nyubadanan parentah agama, mugia gusti maparin rahmat sinareng ganjar kawilujengan di lelerkeun ka jungjunan urang sadaya, tegesna habibana wanabiyana muhammad saw.
            Simkuring ngadeg dipayuneun Bapak kalih ibu sadaya rawuh para wargi nu sami hadir, anomna, istrina, pamegetna, kum sadayana, pangapunteun nyuhunkeun widi tina galih nu wening, manah nu setra sarehan, sok sanaos katingali nu ngadeg di payun masih anom, matak resep nu ningali, leres bu............ komo nu ningalina mojang nu lanjangmah, mani teu petot-petot ti bobolotot belaan panon dibenta-bentakeun saha pikersaeun nu ngadeg tur sumanggeum teh.............
            Tapi dina wangkit ieu sim kuring seja ka papancenan kanggo mimpin ieu acara, anu mugia dina ieu acara, aya dina kalancaran ginulur rahmat Allah swt. Kalayan aya dina ridho mantena, ..................amiin ya robbal alamiiin. Namun sateuacanna ka wargi sadaya neda’ sihapunten anu ka suhun tina samudaya kakirangan sinareng kalepatan dina mimpin ieu acara, mugia wargi sadaya heunteu regat galih tina kakirangan oge kalepatan simkuring.
            Kanggo nyingkat ieu waktos urang kawitan ieu acara ku aosan basmalah sasarengan ..........mangga........................ nincak kana acara nu munggaran nyaeta bubuka mangrupi aosan ayat suci Al-qur’an sinareung sholawatna, anu bade di sanggeumkeun ku pangersa ustadz/ustadzah......................... ka pangersa ................................................ mangga di haturanan.


            Atas nami hadirin simkuring ngahaturkeun nuhun ka pangersa ................. nu parantos maoskeun ayat suci Al-qur’an sinareung sholawatna, anu pamudah-mudahan ku aosan ayat suci Al-qur’an nembe sing ngajanteunkeun wasilah kana di paparinna rahmat sinareung kawilujeungan dunya rawuh akherat, khusus kanggo nu maosna umumna kanggo urang sadaya nu ngupingkeun kana aosannana. Atuh ku aosan sholawatna sing ngajanteun ciri ngagungkeun ka jungjunan urang sadaya, ciri cinta ka rosul, sahingga kenging safaatul udma engke di yaumul jaza’. Amiin ya robbal alamiiin.
            Wilujeung sumping calon panganten anu gandang deuh ti..................................... sumangga calik ................................. nyanding neng............................
            Genah rerendengan silih kicepan oleng panganten batara surya ngajadi saksi keur hidep duaan............ ngala campaka murak subaya, mipit malati pasini urang tedunan, ayang-ayangung di bale nyungcung.
            Neda agung nya’ paralun, neda’ jembarnya’ pangampura, tumaros kami ngadongdon, najan cunduk alus semu’, najan sumping amis budi, budi da tara ti sasarina, reuwas sieun kuma onam, palieus sanes teu nampi, mung hoyong kareungeu’ inya’na, aya naon pikersaun.............. kukituna diteda kasepuhan calon panganten pameget, kedal saur pamaksadan sumangga dihaturanan ................................

            Siki Koas dina eretan
            Digoreng jeung di susukan
            Abdi reuwas ku seueur aleutan
Sihorewng ngajak duduluran

Kurut batur pangacian, hate naralang deui, cunduk sanes bade niat ja’il, maksad nganjang bebesanan, piraku teu dirampeskeun, cunduk teu di bageakeun, kukituna di teda’ kasepuhan calon panganten istri kedal ucap kacindekan sumangga di haturanan.......................

Cau bagja nu di belah
Di bawa dina parahu
Abdi bagja tur bungah
Di tarima jadi minantu

Moal ka ukur ku catur, ka guar ku carita, sareung ka inggil ku tulis, kabagjaan hate. Rehna aletan nu maksad sae parantos ka tampi kalayan pinuh ku kabungahan.
Al hamdulillah nu sumping, oge nu kasumpingan sapatotos, sapagodos, clik putih bawaning bersih, clak herang jatining padang. Reugem seja’ bebesanan,
Anaking taraje enggeus nanggeuh
Re eregan geus di singraykeun
Tutut leuweung keong reuma,
Sumangga geura gek calik...................

Pajar teu jingjing teu bawa, pajar jongok bari lengoh, buktina teu burung rebo, di tampi ku asta kalih, disangga kalingga murda, sumangga geura di tampi, bilih jaheut nu maparin, pajarkeun disapirakeun...........................
Kaseupuhan rombongan sumangga ka payun, kanggo masihkeun salah sawios cacandakan, kalayan di tampi, ku sepuhna calon panganten istri......................... nu salajeungna sacara estapet..................

Deudeuh anaking pupujan ati
Buah hate keumbang sukma
Seuseumpalan raga nyawa
Kiwari hidep rarabi
Usum di tepung lawungkeun
Sina calik rerendengan
Sok bilih kaburu pundung
Pedah nu geulis can tembong

Sumangga ka juru rias, kango nyandak calon panganten istri , kanggo nepangan panutannana.

Neda agung cukup lumur, neda’ jembar nya’ pangampura, rumaos ngabarekeun, wireh si inji birahi, kungsi pateuteup patukeur tineung, palimek pitunda basa, sareung jajaka pinilih, terah ti...................................
Neda’ sinaksen, neda’ jiad pangdu’a teu aya sanes ka sanggakeun ka Bapak ti KUA kanggo nyangred panganten ku akad tikah, pun..................................... ka .................................... sapuratina mangga dihaturanan.

Asmana hadirin simkuring ngahaturkeun jatukrami, dina enggoning ngayuh rumah tangga, mudah-mudahan sing ngajanteunkeun rumah tanggga nu sakinah mawaddah warrohmah......... Amiin ya robbal alamiiin.
Saba’da lumangsungna akad pernikahan, panteus kacida saupami kadua panganten, tamada kanu janten ibu ramana, amit mundur amit mungkur bade ngambah rumah tangga ,......... neda pang du’a kanu janteun ibu ramana ku acara sungkeum sinareung sawer........................ nu bade di luluguan ku..................................... mangga dihaturanan.
Mangga ka petugas kanggo ngalereuskeun ieu arena...................

Simkuring muji syukur ka Allah nu agung nu geus masihan tali asih, ka deudeuh oge kanya’ah pangasih anjeuna ka tampi kasuhun pisan, dimana gek urang ngancik padumukan luraksa siang miwah wengi, sing raharja, sing rahayu, jalma-jalma hitup hurip, muja lahir bathin.
Tali asih sengit kembang
Dipiring ku kabagjaan hate
Kanyaah taya wates wangena
Urang tutup ku du’a anu bade di luluguan ku pangersa............................
Mangga di ahturanan........................

Urang tutup ieu acara ku aosan hamdalah sareung do’a majlis, sasareungan sumangga....................
سـبحانك اللهـم وبحمد ك اشـهد ان لااله الاانـت استغـفرك واتوب اليه


Acara ti kawit dugi tungtung, Alhamdulillah parantos rengse, kalayan aya dina kalancaran, atuh simkuring seja’ ngadeg di payuneun Bapak kalih Ibu sadaya, dina enggoning pancen ieu, sok bilih aya ucap nu teu ka larap, tingkah nu teu kapolah, mugi bapak ibu sadaya henteu regat galih tina samudaya kakirangannana, sihapunteun nu kasuhun.
Usiikum wanafsi bitaqwa Allah
Wabillahi taufiq wal hidayah
Wassalamu’alaiku wr. Wb.

Kasaur ti sohibul maksad dumeh aya tuangeun alakadarna, mangga ka pangjajap oge tamu uleman di haturanan.................................

Tidak ada komentar:

Posting Komentar